Soal PTS Bahasa Sunda Untuk Kelas 5 SD/MI


Kerjakeun soal dihandap, pek cakra (x) dina salah sahiji jawaban nu pangbenerna, a, b, c, atawa d ! 
1. Karya sastra anu  diwangun ku dua jajar, jajaran kahiji mangrupa cangkang, jajaran kadua mangrupa eusi anu aya patalina jeung hiji kecap disebut.... 
a. Paparikan
b. Sisindiran
c. Wawangsalan
d. Kakawihan

2. Cik pek pang neguhkeun ku hidep! 
Imah ngangkleung di sagara
Moal kapalang nya bela
Nu dimaksud dina eta wawangsalan nyaeta.... 
a. Mobil balap
b. Kareta api
c. Kapal udara
d. Kapal laut

3. Kuring teh salah sahiji sato, sok hiber kamana karep, mun usum pare koneng kuring sok ngumpul jeung babaturan bari balakecrakan, lamun aya nitah indit kuring angger sok balik deui lantaran sok betah dahar. 
Nu dimaksud ku kecap kuring teh nyaeta.... 
a. Meong
b. Heulang
c. Manuk piit
d. Rangkong

4. Dina hate kiwari ngancik kasedih
Dibarengan cipanon anu murubut
Geus lawas pisan teu panggih
Dina sempalan puisi di luhur aya kecap kiwari. Kiwari ngandung harti.... 
a. Kamari
b. Isukan
c. Ayeuna
d. Pageto

5. Kamari aya anu katabrak mobil. 
Kalimah pananya anu luyu jeung kalimah diluhur nyaeta.... 
a. Dimana anu katabrak mobil? 
b. Kamana anu katabrak mobil? 
c. Kunaon katabrak mobil? 
d. Iraha anu katabrak mobil? 

6. "Budak teh mani kebluk" Ceuk bapana. 
Kecap kebluk dina kalimah diluhur hartina, nyaeta.... 
a. Babari sarena
b. Babari ambek
c. Hese hudang
d. Jarang nyarita

7. Barudak kelas lima mani garandeng seuseurian bari tatalu kana bangku. Tapi barang bu yani sumping, jep barudak jempe mani kawas gaang katincak. 
Babasaan kawas gaang katincak ngandung harti.... 
a. Tambah rame
b. Repeh sapada harita
c. Arasup ka kolong meja
d. Marenta hampura

8. Es lamun kapanasan bakal.... 
a. Ngadagleg
b. Liur
c. Teuas
d. Heuras

9. Cai nu ngandung kuman lamun diinum matak nyeri.... 
a. Awak
b. Beuteung
c. Sirah
d. Panon

10. Lamun tos papanasan ulah langsung mandi bisi.... 
a. Kabulusan
b. Bayeungyang
c. Hareudang
d. Kaceos

Sumber buku parigel basa Sunda kelas 5
Nu nyusun: oyo caryo, S. Pd & Lukman Nulhakim A, S. Pd

Comments