Materi Bahasa Sunda Untuk Kelas 1 SD/MI


SASATOAN JEUNG TUTUWUHAN

Hirup di dunya mah aya jalma, sato, jeung tutuwuhan, urang teh kudu apal ngaran hiji-hiji na, jeung kudu apal mangfa'atna. 

SASATOAN

- Hayam diala endogna jeung bisa dipencit halal dagingna

- Sapi diala susuna jeung bisa dipencit halal dagingna

- Kuda bisa dipake delman jeung bisa dipake keur hiburan budak nyaeta kukudaan

- Bebek bisa diala endogna jeung bisa dipencit halal dagingna

- Manuk bisa dijieun sato peliharaan anu sora na sok aralus

- Ucing bisa dijieun sato peliharaan

Jeung Loba Deui Pek sebutkeun ku hidep!

Eusian: ........... 


TUTUWUHAN

- Jeruk manfa'atna alus keur kulit sabab boga vitamin C

- Ganas mangfa'atna alus keur kasehatan tulang

- Cau mangfa'atna alus keur ngalancarkeun pencernaan beteung

- Samangka mangfa'atna keur nyegah panyawat jantung

- Alpuket mangfa'atna sarua keur nyegah panyawat jantung

- Apel mangfa'atna keur nyegah panyawat kangker

Pek ku hidep sebutkeun ayena ngaran tutuwuhan jeung mangfa'atna! 

Eusian:......... 

Comments